Saturday 2 April 2011

DAYANG SUMBI

Sajak Pilihan: 4 untuk SD

DAYANG SUMBI
(Karya: Deddy Widyagiri)

Saha, nu ngabedakeun sungapan cimata
Mupus,tulisan-tulisan, nu can ka baca
Sobat, ngareah carita
Dongeng aheng, amis, kareueutna cinta

Saha nu, ngamalirkeun, cikaracak geutih
Nu nyarakclakna, tina sedong-sedong kapeurih
Sobat, kapidangdung dina hiji waktu
Kasasar, kalangsu, ka rohang-rohang kulawu

Aya nu ngagalindeung
Aya nu ngagerendeng
Hariring jeung sora, nu, asa-asa wawuh
Asa-asa, deukeut, asa-asa jauh

Nya lain sasaha
Enya, lain, si itu, si eta

Nu kungsi nyeuseup haneutna ci susu
Naha, kolu, ngalanjur, napsu?

0 comments:

Post a Comment

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More