Saturday 2 April 2011

Sajak Wajib untuk SD, pada kegiatan O2SN 2011


TANAH SUNDA
(Karya: Ajip Rosidi)
Hejo pagunungan
Paul lautan
Hejo
Paul
Langit, na hate, kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lembok, tempat bumetah
Angin nyeot, nyiuman tarang
Masing di mana anjeun nunjuk
Masing iraha, anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang, kuring rek datang
Neueulkeun tarang, neueulkeun jantung
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian, getih ngabayabah
Getih maranehanana, nu mikacinta, anjeun
Kuring geus nyaksian, panon carelong tanggah
Jasad nu rusak, ngalangsur na dada, anjeun
Hejo pagunungan, paul lautan
Taya kamarasan, ngan, katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman, ngan, ancaman
 

KEMBALI KE HALAMAN UTAMA

1 comments:

Post a Comment

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More